Sabtu, 07 Juli 2012

ULANGAN TENGAH SEMESTER GANJIL Mata PelajaraN Basa Sunda

1.    Sarupaning lagu nu rumpakana teu kauger ku gurulagu jeung guru wilangan biasa mibanda wirahma nu angger/tangtu, nya éta....
a.    Pupuh        d. Sawér
b.    Tembang    e. Kembang
c.    Kawih
2.    Sarupaning lagu nu rumpakana kauger ku gurulagu jeung guruwilangan biasana mibanda wirahma nu teu angger/teu tangtu, nya éta....
a.    Pupuh        d. Sawér 
b.    Tembang    e. Kembang
c.    Kawih
3.    Akang haji sorban palid,
palidna ka ....
akang haji sumangga calik
calikna ... abdi
a.    Cipelang, sisieun    d. Ciburuy, gigireun
b.    Cimandiri, sisieun     e. Cimandiri, gigireun
c.    Cipelang, gigirin
4.    Nyi Nonih téh ayeuna mah jadi...sorana genaheun mun ngahaleuangkeun kawih
a.    Juru Mamaos        d. Juru Kawih
b.    Juru Tembang        e. Juru Sawér
c.    Biduan panggung
5.    Nyi Kokom mah béda jeung Nyi Nonih, pan Nyi kokom mah ... nya éta jalma nu sok ngahaleuangkeun tembang
a.    Juru Mamaos        d. Juru Kawih
b.    Biduan Panggung    e. Juru Sawér
c.    Juru Alok
6.    Jumlah engang dina sapadalisan disebut....
a.    Juru lagu    d. Juru Kawih
b.    Gurulagu    e. Guru wilangan
c.    Juru Tembang
7.    Sedengkeun sora Vokal dina tungtung padallisan disebut ....
a.    Juru lagu    d. Juru Kawih
b.    Gurulagu    e. Guruwilangan
c.    Juru Tembang
8.    Lamun peuting sok kaimpi-impi, tibeurang kabayang-bayang. Nyi Nonih téh éstuning ... ku Jang Junéd anu kasép ngalémpéng konéng.
a.    Cua        d. kahina
b.    Geuleuh    e. Kacua
c.    Kabungbulengan
9.    Kecap Ditalungtik sarua hartina jeung kecap ....dina basa Indonésia
a.    Ditelusuri    d. didiskusikan
b.    Diteliti        e. diseminarkan
c.    dibahas
10.    Inggis beunang ku batur, Inggis bogoh ka batur
Rumpaka di luhur kaasup kana purwakanti....
a.    Mindoan kawit        d. Mindoan wekas
b.    Laras wekas        e. Gurulagu
c.    Laras kawit
11.    Salah sahiji kasenian sunda téh nya éta r’eog. Alat nu dipaké dina réog mah nya éta....
a.    Dogdoh    d. Kacapi
b.    Dogdpg    e. Tagoni
c.    Kenang
12.    Rebab téh salah sahiji alat kasenian degung, jaipongan, atawa wayang golék. Cara maénkeun rebab ku cara ....
a.    Dipetik        d. Dikését
b.    Ditepak    e. Ditup
c.    Ditakol
13.    “Panon poé keur saré”. Kecap nu nuduhkeun mijalma nya éta....
a.    Panon        d. Keur
b.    Poé         e. Panon poé
c.    Saré
14.    Ulated téh ngaran kembang....
a.    Cau        d. Kalapa
b.    Génjér        e. Bawang
c.    Tiwu
15.    Gélényé téh ngaran kembang ....
a.    Cau         d. Kalapa
b.    Génjér        e. Bawang
c.    Tiwu
16.    Ngaran Kembang paré nya éta ....
a.    Ringsing    d. singrang
b.    Rungsing    e. Dingdeut
c.    Ringsang
17.    Anak hayam disebutna ....
a.    Ciak        d. Pitik
b.    Caik        e. Kirik
c.    Siak
18.    Anak Lélé disebutna ....
a.    Nanahaon    d. Piyik
b.    Nanaoan    e. Leungli
c.    Nanahan
19.    Pakumpulan, paguyuban atawa susunan jeung aturan rupa-rupa bagian, disebut....
a.    Sawala    d. Organisasi
b.    Pupuhu    e. Panata calagara
c.    Girang seurat
20.    Jalma nu boga kawajiban nangtayungan nya éta....
a.    Pupuhu    d. Anggota
b.    Girang serat    e. Papayung
c.    Pangaping
21.    Basa Sundana “ketua”, nya éta....
a.    Pupuhu    d. Papayung
b.    Girangseurat    e. Jaga baya
c.    Pangaping
22.    Jalma nu boga pancén ngajaga kaamanan jeung kalancaran dina hii acara nya éta ....
a.    Pupuhu    d. Papayung
b.    Jagabaya     e. Panata acara
c.    Karaharjaan
23.    “sim kuring ti sadayana réngréngan ... nedah hapunten boh bilih dina salami ... ieu acara seueur pisan kakirangan”
a.    Pupuhu, panata calagara
b.    Panata acara, panata calagara
c.    Panata calagara, lumangsung
d.    Lumangsung, panata calagara
e.    Pupuhu, panata acara
24.    Acara ieu tiasa lumangsung kalayan pangrojong bapa kepala sakola salaku ....
a.    Pangaping    d. Panata calagara
b.    Panangtayung    e. Panata acara
c.    Pembina
25.    Karangan basa lancaran anu eusina midangkeun fakta-fakta, gagasan, jst; ngaguar, medar, ngabahas atawa ngadadarkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan-katerangan nepi ka bubuk leutikna (detail), disebut karangan wangun ....
a.    Deskripsi    d. Narasi
b.    Argumentsi    e. Persuasi
c.    Éksposisi
26.    Upacara salametan pikeun dara nu kakandungan salapan bulan disebut ....
a.    Cukuran    d. Tingkeban
b.    Sepitan        e. Natus
c.    Gusaran
27.    Keur naon kembang tujuh rupa dina upacara tingkeban téh?
a.    Sasadiaan keur budak nu bakal lahir
b.    Seuseungitan rohangan salametan
c.    Ngamandian awéwé nu kakandungan
d.    Kongkorongkeuneun keur nu kakandungan
e.    Sangkan nu dimandian ngarasa seungit kembang
28.    Du’a naon waé nu sok dibacakeun dina salametan tingkeban?
a.    Al-fatihah jeung Al-ihlas
b.    Nurbuat jeung dunga salamet
c.    Al-alaq jeung Annas
d.    Al-fatihah jeung Al-ihlas, jeung Al-alaq
e.    Ar-Rahman jeung Al-waqiah
29.    Di handap ieu nu kaasup kana kecap-kecap kantétan éndoséntris, nya éta ....
a.    Imut kanjut, peureum hayam, julang ngapak
b.    Julang ngapak, kurung batok, jogo anjing
c.    Imut kanjut, peureum hayam, randa midang
d.    Julang ngapak, peureum hayam, imut kanjut
e.    Randa midang, peureum hayam, kurung batok
30.    Sedengkeun nu kaasup kana kecap-kecap kantétan éksoséntris, nya éta ....
a.    Imut kanjut, peureum hayam, julang ngapak
b.    Julang ngapak, kurung batok, jogo anjing
c.    Imut kanjut, peureum hayam, randa midang
d.    Julang ngapak, peureum hayam, imut kanjut
e.    Randa midang, peureum hayam, kurung batok

Tidak ada komentar:

Posting Komentar